Kunti Jeung Tukang Sado
Dina hiji peuting kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik saenggeus mangkal di dayeuh, pas keur ditengah jalan mang Udin nu euker mengendarai kuda supaya baik jalanya, ningali aya awewe keur nangtung disisi jalan bari make baju bodas bari buukna panjang nepi ka bujurna, ku mang udin ditanya:
“Neng bade kamana wengi-wengi kieu’?”. “Nya eta mang bade ka ka bojong lopang” jawab na.
Tuluy singkat carita eta awewe teh milu ka mang udin da kampung mang udin ngaliwatan kampung nu rek dituju ku awewe eta. Pas nepi ka bojong lopang awewe eta turun bari ngasongkeun duit 20,000,. “Ah neng sawios atuh” ceuk mang udin. Si awewe eta teu loba carita bari init kana rungkun anu poek, barang teu lila mang udin kaget nempo duit 20,000 tadi rubah jadi daun kararas, Bari nga gurutu mang Udin nyarita “Dasar Kunti lanak”,
teu lila sia wewe eta bijil dei tina rungkun anu poek bari nyarita
“Dari pada amang mah TUKANG SADO”
Maling Hayam Jeung Panganten
Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe “kang….tos dibuka……”, simaling ngagerendeng na hatena “duh! nyahoeun aing muka panto”, simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe “duh kang tos lebet nya !!!” sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena “haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !”, padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.
Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh “kang siga nu wengi nya!”. maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey…… beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo “duh bener-bener nyahoeun ka aing”. padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.
Ditilang Bapak Polisi
Waktu eta teh s “Bedul” ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.
Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna
Bedul: “Ku naon pa abi di eureun keun??”
Polisi: “Arek mariksa”
Bedul : “Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA………..
Polisi: “lain eta maksud saya mah”
Bedul: “Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala”
Polisi: “Ari SIM na mana ??”
Bedul: “Oh eta maha bi can gaduh pa!”
Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM
Langsung maneh na eureun
Bedul: “Aya naon deui pa ??? SIM aya …. motor komplit Naon deui pa?”
Polisi: “maneh teu pakai helem… Kapaksa ku saya maneh di tilang…”
Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi
Bedul: “Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge”
Polisi: “Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???”
Bedul: “Ohhh euya ya… geuning aing bolohoy!”
Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan…
Kudu aya S-an
Heuheu… jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum di kampus. Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis heula, kabeneran kuring nu nyieun soalna.
“Gambarkeun struktur asam amino glisin!” ceuk uing teh.
“Mangkahade, glisin teh salasahiji asam amino nu ngandung S!” ceuk uing deui nalika keur ngawaskeun nu migawe kuis.
Barudak arolohok sakedapan, tapi saterusna mah pating elengeh.
“Nya heueuh atuh!” ceuk praktikan nu urang Sunda teh.
Da memang najan glisin teu boga unsur “S” (sulfur, walirang) na wangunan
molekulna, ari nulis glisinna mah tetep bae kudu aya “s”-an.
Basa Lemesna
Ua Sas: “Cik, ari lemesna leungeun naon?”
kang Hendri : “Pananganan”
Ua Sas: “Lemesna suku?”
kang Hendri: “Sampeyan…”
Ua Sas: “Tah ayeuna…ari lemesna beas, naon?”
kang Hendri mikir…uleng lila….naon nya?
Ua Sas: “Tipung…!!!!”
hahaha…. (MJ)
Papatah Si Aki
Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka imah akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower asup tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh tapak tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut pantai Pananjung wanci balebat.
Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis Euis Dohoy anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong semu haroshos.
“A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !”
“Aduh punten..sakali deui punten !” ceuk Asep Jebrag bari ngejatkeun leungeunna.
“Teu sawios A…! Euis Dohoy nembalan semu handeueul.
Isukna Asep Jebrag papanggih jeung si aki panasaran pok nanya.
“Ki ari piwuruk aki nu kahiji teh naon, abdi mah hilap deui ?”
“Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun geura, piwuruk kahiji teh ‘Mun Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !’”
Salah Ngajalan keun Tugas
Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.
Juragan Istri :”Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !”.
Juragan Oded : “Naha kunaon kitu?” ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu gagebay)
Juragan istri : “Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?”
Juragan Oded : “Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : ‘Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna… sakitu !’”
Mihape Kuda
Kusir : “Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula.”
Budak : “Ah alim, sieun nyongot.”
Kusir : “Moal, da ieu mah kudana oge bageur.”
Budak : “Sieun nyepak atuh.”
Kusir : “Tara deuih. Kuda bageur.”
Budak : “Moal ah, sieun kabur.”
Kusir : “Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur.”
Budak : “Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?”
Bandar Tarasi
Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.
Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas
“Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???” ceuk si Aki.
Si wanoja nembalan : “Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten”.
Ceuk Hayam
Hayam bikang balik isuk keketok ngabejaan baturna:
“Ketok ket… ket ketok… yeuh kuring mawa duit sagepok, bati dilolowok, ku duda koplok…naha geuning kalahka colohok ?”
“Lain colohok tapi eta anderok aceuk, pahili sareng kolor duda koplok!”
“Baruk…kakara sidik geuning, ambuing ambuing pasti duda koplok make anderok kuring, heuheuy…rusuh tuh da, keur mah poek aya razia deuih !” ceuk hayam bikang balaham belehem eraeun. Hayam bikang keketok ngabejaan baturna:
“Ketok..ket..ket..ketok…hariwang kuring mah..hariwang !”
“Hariwang ku naon ari aceuk?”
“Ieu budak mun geus gede bisi nanyakeun bapana !”
“Har..ari aceuk ari siburintik lain bapana kitu ?”
Baueun
Hiji waktu Mang Usep, salakina Nyi Uti, rek indit deui ka Jakarta tapi hatena serba teu ngeunah, sieun pamajikan nana salingkuh. Untung otakna encer, menang akal jang nangkal supaya pamajikanna teu salingkuh.
Mang Usep tuluy ngagambar gajah dina pingpingna Nyi Uti pake spidol. Hulu gajah persih dina pingpingna, tapi gambar tulalena nyanghareup kana bobogaan Nyi Uti. Pikiran Mang Usep, lamun eta gambar kahapus artina pamajikan nana geus salingkuh.
Saenggeus ngagambar Mang Usep pamit rek gawe ka Jakarta, pamajikan nana ceurik pura-pura sedih, nutupan kabungah, na jeuro hate geus hayang geura salingkuh. Meuren geus sajam, salakina indit, si Udin geus dikamar Nyi Uti.
Tapi teulila kadenge salakina balik deui, ngetok panto bari jojorowokan. Si Udin rewas, tuluy kabur liwat dapur paranti jalan kabur. Tinggal Nyi Uti bingung, rurusuhan ngagambar tulale gajah nu grus kahapus basa tadi salingkuh, tapi gambar tulalena jadi rubah, lain nyangharap kana anuna malah ngulampreh kahandap.
Saeunggeus panto di buka, buru-buru Mang Usep mariksa pingpingna Nyi Uti, panasaran. Atuh sakitu jamotrotna bari nyentak Nyi Uti :
Mang Usep : “Uti geuning gambar tulalena jadi kahandap, lain kaluhur ?”
Nyi Uti geumeuteuran, tapi untung boga akal jang ngajawab.
Nyi Uti : “Akang, meureun baueun, jadi weh tulalena ngulampreh kahandap !”
Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tulung-tulungan.
Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nulungan Jang Dodo.
Jang Dodo : ” Taraje…!!! taraje …!!! “, maksudna menta disodorkeun taraje kahandap.
Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NTAR AJE…. yeeee